Judul : Mapay-mapay Jalan Tarahal
Panulis : Itto.Cs.Margawaluya
Kandelna : 52 Kaca
Pamedal : CV. Putra Mandiri Bandung
Citakan : Ka 1 bulan 10 taun 2007
Novel ieu nyaritakeun hiji Wanoja
anu boga pakasaban jadi ronggeng dombrét ti lembur Pakaléran anu kasohor
ngarana Nok Nur. Manena milih jadi ronggéng dombret lantaran teu kudu
tipaparétot lulumpatan paboro-boro pibuateun, ngan ukur kudu daék ngurus awak
sorangan ku dangdan ngarah rada rupaan keur prakna makalangan anu teu
milih-milih status rék bujangan atawa duda, nu penting mah eusi pésakna
Pupuhu rombongan dombret ti
Pakaleran ieu nyaéta Abah Marijan, Anjeuna neundeun hate ka Nok Nur, ronggéng
dombrét nu aya dina cangkingannana. Kusabab teu kungsi dikedalkeun antukna
ngabulasin, Nok Nur kaburu “di jait” manten ku Ir.Wiharna.
Kaherénghéng téh ngan muncul
sajorélat basa awéwé urang lembur ngontrog imah Nok Nur nu ngaburantakkeun
rumah tanggi. Tapi Nok Nur jeung Marijan mah siga nu hare-haré. Jeung
anggota masyarakat liana katut alamna nu ganggas. Maranéhnamah beunang disebutkeun
“Pengkah dina kiruh, jangler ditetelarangar”.
Kaunggulan :
a) Nyaritakeuna
maké basa loma sangkan babari kaharti kunu maca, buktosn. Dina unggal carita,
basa nu di gunakeuna teu aneh dei, sangkan urang sadaya tiasa ngahartoskeunna
b) Dilingkepan
ku katerangan basa nu asing kénéh. Katerangan ieu aya di halaman 48 dugi ka 49,
aya 30 nomer.
c) Aya
2 basa dina caritana, nyaeta basa Sunda sareng basa Jawa. Buktos dianggona basa
Jawa nyaeta dina cariosan nu di ucapkeun ku nini na Nok Nur
Kahengkeran :
a) Galur
caritana teu pati saé kanggo budak leutik, lantaran nyaritakeun kaayaan hiji
wanoja nu jadi tukang ronggeng dombret keur neangan duit. Salian ti eta, di
tungtung carita, nyaritakeun nu jadi jodona
b) Gambar
sampulana sedehana teu nganggo ilustrasi janten katinggalna kirang saé.
Buktosna mung aya gambar jalmi sareng parahu hungkul.
c) Ngagunakeun
paribahasa. Salahsahiji buktosna di mimita carita aya “satungtung deuleu ngan
héji jeung héjongampar. Lir amparan karpét buludru héjo.” Nu dimaksud karpét
buludru nyaéta sérang nu kacida legana Dina eusi pribahasa seeur nu sesah
dipihartos
Kacindekan :
Novel ieu bisa dibaca pikeun rumaja atawa
dewasa. Sab dina eusina teu pantes dibaca ku budak leutik, tuluy dina basa nu
dianggona bakal sesah dipikahartos lantaran ngagunakeun basa loma
Saran
:
Langkung
sae dina ganbar ilustrasi diusahakeun dipinuhan kugambar nu ngagambarkeun eusi
carita sangkan bisa narik minat nu maca. Eusi caritana oge diusahakeun henteu
ngan ukur keur dewasa. Dina carita ulah seeur teuing pribahasa.
Unsur Intrinsik Novel
:
a) Tema : Cinta Juru Tilu
b) Galur : Maju, lantaran nyritakeun ti awal
kajadian nepi ka akhir
c) Palaku
:
-
Abah Marijan : Bageur, teu
wanian
-
Nok Nur : Mikanyaah, tabi’at
-
Ir. Wiharna : Beunghar,
kasep, sarjana, sholeh
d) Setting
:
-
Tempat : Subang, Kalijati, Pamanukan, Pakaleran
-
Waktu : Unggal peuting
-
Suasana : Nalangsa, bungah
e) Amanat
:
Ngabejakeun
atawa mapatahan ka numaca sangkan ulah salah lampah dina nyorang kahirupan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar