Rabu, 08 Januari 2014

resensi novel sunda

Judul              : Mapay-mapay Jalan Tarahal
Panulis          : Itto.Cs.Margawaluya
Kandelna      : 52 Kaca
Pamedal        : CV. Putra Mandiri Bandung
Citakan          : Ka 1 bulan 10 taun 2007

            Novel ieu nyaritakeun hiji Wanoja anu boga pakasaban jadi ronggeng dombrét ti lembur Pakaléran anu kasohor ngarana Nok Nur. Manena milih jadi ronggéng dombret lantaran teu kudu tipaparétot lulumpatan paboro-boro pibuateun, ngan ukur kudu daék ngurus awak sorangan ku dangdan ngarah rada rupaan keur prakna makalangan anu teu milih-milih status rék bujangan atawa duda, nu penting mah eusi pésakna
            Pupuhu rombongan dombret ti Pakaleran ieu nyaéta Abah Marijan, Anjeuna neundeun hate ka Nok Nur, ronggéng dombrét nu aya dina cangkingannana. Kusabab teu kungsi dikedalkeun antukna ngabulasin, Nok Nur kaburu “di jait” manten ku Ir.Wiharna.
            Kaherénghéng téh ngan muncul sajorélat basa awéwé urang lembur ngontrog imah Nok Nur nu ngaburantakkeun rumah tanggi. Tapi Nok Nur jeung Marijan mah siga nu hare-haré. Jeung anggota masyarakat liana katut alamna nu ganggas. Maranéhnamah beunang disebutkeun “Pengkah dina kiruh, jangler ditetelarangar”.

Kaunggulan :
a)    Nyaritakeuna maké basa loma sangkan babari kaharti kunu maca, buktosn. Dina unggal carita, basa nu di gunakeuna teu aneh dei, sangkan urang sadaya tiasa ngahartoskeunna
b)    Dilingkepan ku katerangan basa nu asing kénéh. Katerangan ieu aya di halaman 48 dugi ka 49, aya 30 nomer.
c)    Aya 2 basa dina caritana, nyaeta basa Sunda sareng basa Jawa. Buktos dianggona basa Jawa nyaeta dina cariosan nu di ucapkeun ku nini na Nok Nur
Kahengkeran :
a)    Galur caritana teu pati saé kanggo budak leutik, lantaran nyaritakeun kaayaan hiji wanoja nu jadi tukang ronggeng dombret keur neangan duit. Salian ti eta, di tungtung carita, nyaritakeun nu jadi jodona
b)    Gambar sampulana sedehana teu nganggo ilustrasi janten katinggalna kirang saé. Buktosna mung aya gambar jalmi sareng parahu hungkul.
c)    Ngagunakeun paribahasa. Salahsahiji buktosna di mimita carita aya “satungtung deuleu ngan héji jeung héjongampar. Lir amparan karpét buludru héjo.” Nu dimaksud karpét buludru nyaéta sérang nu kacida legana Dina eusi pribahasa seeur nu sesah dipihartos


Kacindekan :
       Novel ieu bisa dibaca pikeun rumaja atawa dewasa. Sab dina eusina teu pantes dibaca ku budak leutik, tuluy dina basa nu dianggona bakal sesah dipikahartos lantaran ngagunakeun basa loma

Saran :
            Langkung sae dina ganbar ilustrasi diusahakeun dipinuhan kugambar nu ngagambarkeun eusi carita sangkan bisa narik minat nu maca. Eusi caritana oge diusahakeun henteu ngan ukur keur dewasa. Dina carita ulah seeur teuing pribahasa.

Unsur Intrinsik Novel :
a)    Tema            : Cinta Juru Tilu
b)    Galur            : Maju, lantaran nyritakeun ti awal kajadian nepi ka akhir
c)    Palaku :
-          Abah Marijan : Bageur, teu wanian
-          Nok Nur : Mikanyaah, tabi’at
-          Ir. Wiharna : Beunghar, kasep, sarjana, sholeh
d)    Setting :
-          Tempat   : Subang, Kalijati, Pamanukan, Pakaleran
-          Waktu    : Unggal peuting
-          Suasana           : Nalangsa, bungah
e)    Amanat :
Ngabejakeun atawa mapatahan ka numaca sangkan ulah salah lampah dina nyorang kahirupan